Jumat, 06 November 2015

CARPON

KANG ADUN SI TUKANG PEUYEUM

Di hiji wanci isuk, keur meujeuhna jelema saribuk dina urusana masing-masing, Kang Adun anu osok ngideur ka unggal lembur jualan peuyeum keur nyiapkeun dagangana di bumi bilikna ngasup-ngasupkeun peuyeum kana nyiru.
Teu loba peuyeum anu dijual ku manehna, ngan saukur 7 nugika 15 kiloan. Kang Adun sanajan bari geus kolot oge tapi ari kana digawe mah getol neangan rezeki ngahirupan anak jeung pamajikanana.
Saberes manehna ngasup-ngasupkeun peuyeum kana nyiru, gek diangkat si tanggungana kumanehna teh.
Prak kang Adun mulai kaluar ti bumina sabari izin ka pamajikana rek indit heula dagang.
"Mah, bapa rek dagang heula nya, du'akeun ku mamah mugi dagangana seep."
"Enya pa, unggal dinteun oge mamah mah osok ngadu'akan bapak, mugi atuh peuyeumna seep, si ujang karunya ceunah hoyongeun buku kangge sakola. sad"
**Sabari sedih saeunggeus ngadenge anakna hayangeun buku keur sakola, kang adun mulai ngalengkahkeun sukuna...
Bitis kang adun anu geus peot jeung gigina anu teu sampurna deui siga bareto keur ngora... Ditingali mah asa teu panteus jualan peuyeum ngideur ka unggal lembur. Sanajan kitu oge kang adun tutep sumanget jualan.
Kang adun mulai ngagorowok ka unggal bumi wargi sabari susuganan aya anu meser peuyeumna,
"Peuyeum... Peuyeum.., Barade Peuyeum..!" Alhamdulillah (ceuk hate kang adun), jol ti hiji imah aya anu nyahutan.
"Kang.. Kang, meser peuyeumna 4 kilo..!"
Di salah sahiji imah nu sejen aya deui nu nyahutan.
"Kang, meser peuyeumna 8 kilo...!"
Peuyeum dagangana anu dibawa ku kang adun 16 kiloan teh seep taya sesa, dina jero hatena Kang Adun.
"Alhamdulillah, peuyeum teh seep.. Tiasa mereunan meser buku keur si ujang sakola engke."
Kang Adun ngarasa capek geus nanggung peuyeum dina taktakna. Prak we Kang Adun teh nagog sabari ngabaheuhay di sisi jalan.
Ditingali kumanehna lalar liwat mobil jeung motor bulak balik ngaleos di hareupenana. ceuk hatena kang adun.
"Duh... Nasib jeulema leutik kos urang Boro-boro bisa boga mobil atawa motor, ngahirupan anak jeung pamajikan oge susah."
Saeuntos ngarasa leuwih enakkeun sampeana, kang adun mulai ngengkeg balik ka bumina. Pas dihareupeun panto bumina, kang adun ngetok panto, tok.. Tok tok..
"Mah... Mah, bapa uih."
Dibuka we si pantona teh ku pamajikana
"Eh.. Bapa tos uih geuning.."
Kang Adun tuluy asup ka bumina sabari ngitung acis dina pesakna, gek we kang adun diuk dina korsi sabari nyarita ka pamajikana.
"Mah... Alhamdulillah peuyeumna seep."
"Alhamdulillah atuh pak, tiasa panginteun meser buku keur si ujang sakola."
"Mah... Hapunteunnya bapa, teu tiasa ngabahagiakeun mamah jeung si ujang."
"Ari bapa nyarios naon? Mamah mah narimakeun ka ayaan arurang kieu, keun bae batur rek ngomong, ih.. Si itumah miskin atau naon oge, da ari gusti Allah mah teu nilai kabeungharan manusa, tapi nilai kahadean dina hatena."
**Kang adun jeung pamajikana silih nangkeup sabari ceurik... :')


SUMBER: http://julomde.mywapblog.com/carpon-carita-pondok-kang-adun-si-tukang.xhtml

CARPON

SELAT SUNDA JEUNG GUNUNG KRAKATAU

Kacatur jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu Rakata. Sang Prabu gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana anu bungsu Raden Topobrana. Haritamah Pulo Jawa sareung Sumatra teh ngahiji.
Kumargi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, mangka karajaan teh di titipkeun ka putra-putrana, tur di bagi dua belah wetan ku Raden Sundana, belah kulon Raden Topobrana. Terus Sang Prabu teh indit ngabagawan anu tempatna dibates dua nagara nu dibagi dua tea, anjeunna teu nyandak nanaon tibang guci pusaka nu dicandak.
Hiji mangsa dina taun ka genep Sang Prabu teh ngadangu yen putrana parasea Raden Sundana ngarugrug karajaan raina Raden Topobrana. Sang Prabu teh ceg ka guci anu gtos dieusi cai laut tea, terus indit ka medan laga kasampak dua putrana keur perang campuh atu bendu pisan snjeunanana. Ningali ramana sumping reg weh perang liren, dua putrana langsung nyampeurkeun cedok weh nyareumbah ka Prabu Rakata kitu dei para parajuritna. Atuh dua putrana beak bersih diseukseukan pampangnaman Raden Sundana nu wani ngarug-gug nagara raina. Dua putrana anu tarungkul teh nyarek, atuh Sang Prabuteh langsung ngadeg, ceg kana guci pusaka tea. Terus cai laut anu dina guci dikucurkeun disapanjang wates dua nagara, teras guci anu tos teh kosong teh disimpen ditapal bates dua karajaan tea, anjeunanana indit deui ka tempat pang tapaanana. Teu lami eta bates anu tilas disiram ku cai laut teh ngajanggelek jadi selat. Nu kiwari disebut Selat Sunda. Nu mawi dinamian Selat Sunda lantaran Raden Sundana sarakah hoyong wilayah anu raina. Dugi ramana ngadamel wates nganggo guci pusaka anu caina dikucurkeun terus jadi selat. Tur guci anu disimpen dina wates teh ngajanggelek jadi gunung, nu katelah Gunung Rakata atanapi Gunung Krakatau. Tah kitu sasakala Selat Sunda sareng Gunung Krakatau teh.

Sumber: http://makalahtugasku.blogspot.co.id/2013/02/kumpulan-carpon-singkat.html

CARPON

GAGAK JADI HIDEUNG

Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah.
Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagakteh. Gagak teh hiber kuorang diobrot, gagak teh bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya, “mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?”

Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, “Engga, gaaaa!”. Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!

SUMBER: http://makalahtugasku.blogspot.co.id/2013/02/kumpulan-carpon-singkat.html